Contoh Sajak Bahasa Sunda
Contoh Sajak Bahasa Sunda - Sobat SE, kali ini kami akan sedikit berbagi contoh mengenai sajak, anda sendiri pastinya sudah paham dengan bahasa sajak, kali ini yang kami akan suguhkan adalah Sajak Bahasa sunda, biar lebih simple. silahkan anda semuanya simak dibawah ini :
Contoh Sajak Bahasa Sunda
Poek Kalbu
Poek mongkleng nu kacida
Sora buek ngalanglang buana
Angin peting nu ngahiliwir
Nambahan kahulihan manahna
Bulan nu leungit ka halangan mega
Ngan saukur kalangkang patamorgana
Kalangkang nu diuk disisi panto
Menehna sadar ngan bisa ningali kalangkang
Ka sedihanna dadasar kalbu
Nambahan sono ka jiwa nu leungit
Jiwa nu nyaangan hirup urang ti harita
Caang bulan harita moal aya dina poe ieu
Moal nyampak dina ieu hate
Katresna ma ngelingan seumur hirup
Cinta Romantis
Waktu as ate deui sanggup nembalan
Kiwari hate teu deui ngedalkeun
Sepi anu pageuh ngakep
Sarta ngan kosong anu ku tatap
Waktu rasa jadi begu
Hate ngarasa pilu
Hasrat anu ngabelenggu
Abdi hoyong sadayana lalu
Abdi teu sanggup
Abdi teu sanggup
Sarta abdi teu hoyong anjeun laer
Sora hate abdi ngagegero anjeun
Didieu abdi ngadambaan anjeun
Ulah lingken abdi sorangan sarta kasepian
Abdi hoyong anjeun ngartos rarasaan ieu
Abdi yakin anjeun bagean ti hirup abdi
Budak Sakti
Budak leutik bisa ngapung
jangjangna kulit salapis
hiberna di langit peuting
ludeung ngambah jomantara
disadana tingkoréak
karesepna bubuahan
nu amis semu kareueut
Budak leutik bisa ngapung
budak nu kacida sakti
nu kitu naon ngarana?
Budak Pahatu Lalis
Dua budak pahatu lalis
adi lanceuk awéwé lalaki
kasarung di leuweung ganggong
adina ceurik ngalengis
mana jalan geusan balik.
Budak lalaki ngala kupa
leungeunna parigel metik
buah kupa dialungkeun
dipulungan ku adina.
Tina rungkun buni kacida
luar-léor oray sanca
gep ngegél awak adina
nu keur anteng murak kupa.
Jrut turun budak lalaki
ana rét ka sakuriling
Si Nyai ka mana geuning
reuwas kacida teuing.
Manuk Cukrik disada semu nalangsa
“Cukrik, cukrik turih ku pucuk eurih”
pucuk eurih bakal matih
Si Nyai bakal kapanggih.
Geberan ku hihid aing
hihid aing kabuyutan
mawa bayu kahuripan.
“Geber-geber hihid aing
hihid aing kabuyutan
titinggal nini awaking”.
Usik ngulisik raga tangtungan
paripurna hirup waras
ku saktina rasa asih.
Demikianlah Ulasan mengenai Contoh Sajak Bahasa Sunda, Semoga bermanfaat dan terimakasih